KAWALIAN DI TATAR SUNDA

Buat Muslim

أسلم تسلم

Buat Non Muslim

السلام على من اتبع الهدى

Selasa, 19 April 2016

HIKAM NGAN ABDI SANES HAKIM MUN SALAH TONG DIHUKUM

1.        
من علامة الإعتماد على العمل نقصان الرجاء عند وجود الزلل
Ciri tetegenan kana gawe, pangharepan ngurangan mangsa aya kasalahan.
2.        
ارادتك التجريد مع اقامة الله اياك الأسباب من الشهوة الخفية
Karep mencil da Alloh ngadegkeun sabab nu mangrupa kahayang nyempil
وارادتك الأسباب مع اقامة الله اياك فى التجريد انحطاط عن الهمة العلية
Sabab disorang bari Alloh da henteu anggang luhur kahayang boa tijengkang
3.        
سوابق الهمم لا تخرق اسوار الأقدار
Sumanget luhur moal matak nu kiruh jadi luntur
4.        
أرح نفسك من التدبير فما قام به غيرك عنك لاتقم به لنفسك
Sok eureun nyita-nyita, moal aya batur nu ngagantian carita, da sewang-sewangan boga jalan carita.
5.        
اجتهادك فيما ضمن لك وتقصيرك فيما طلب منك دليل على انطماس البصيرة منك
Tigin kana perkara nu geus dijamin, lalawora kana barang nu dipenta, boa-boa paninggal ati dicabut bongan teu matut
6.        
لايكن تأخر أمد العطاء مع الإلحاح فى الدعاء موجبا ليأسك فهو ضمن لك
Pamenta asa katunda padahal do'a asa teu suda paralun putus asa na dada gening jaminan nyantel di surga
الإجابة فيما يختاره لك لا فيما تختار لنفسك
Ijabah datang nu dikarep ku pangeran, lain pangarep diri sorangan
وفى الوقت الذى يريد لا فى الوقت الذى تريد
Ijabah datang dina mangsa Alloh hayang, najan diri hayang teu hayang
7.        
اذا فتح لك وجهة من التعرف فلا تبالى هو مريدك معها أن قال عملك فإنه لا فتح لك الا وهو يريد أن يتعرف اليك
Jangan ma’rifat kabuka sabab karepNa,
Lain wungkul amal nu dilampahna
ألم تعلم أن التعرف هو مورده عليك والأعمال أنت مهديها اليه وأين ما تهديه اليه مما هو مورده عليك
Ma’rifat geus datang, amal ku anjeun disorang. Rek siga kumaha, nu datang sagala MAHA.
8.        
الأعمال صور قائمة وارواحها وجود سر الإخلاص فيها
Amal gambaran kana ngadegna, ruhna aya ikhlas dina hatena
9.        
ادفن وجودك فى ارض الخمول فما نبت مما لم يدفن لا يتم نتاجه
Kubur binih pepelakan diri, mun teu sampurna ngaruang da moal jadi
10.    
ما نفع القلب شيء مثل عزلة يدخل بها ميدان الفكرة
Uzlah moal manfaat kana hate, mun ku pikir, diri bet ngarasa cape
11.    
كيف يشرق قلب صور الأكوان منطبعة فى مرآته
Rek kumaha caang mun barang ukur kalangkang
أم كيف ترحل الى الله وهو مكبل بشهواته
Rek kumaha hanjat deuheus ka Gusti, mun syahwat keukeuh dipusti-pusti
أم كيف يطمع ان يد خل حضرة الله وهو لم يتطهر من جنابة غفلاته
Rek kumaha ngarasa hadir Pangeran, mun awak ruksak ku kagaplahan
أم كيف يرجو أن يفهم دقائق الأسرار وهو لم يتب من هفواته
Rek kumaha faham kana rahasia, mun can tobat tina dosa najan teu rosa
12.    
الكون كله ظلمة وانما اناره ظهور الحق فيه
Sagala rupa nu aya poek, pastina caang mun anu Hak ngajangelek
فمن رأى الكون ولم يشهد فيه أو عنده أو قبله أو بعده فقد أعوزه وجود الأنوار
Mun barang nu aya teu katinggal saenyana, boa-boa cahaya nu geus nyilaukeunnana
وحجبت عنه شموس المعارف بسحب الآثار
Jeung cahaya ma’rifat ka khalik, boa kahalang ku pangaruh nu cukul ti makhluk.
13.    
مما يدلك على وجود قهره سبحانه وتعالى ان حجبك عنه بما ليس بموجود معه
Tanda murbawisesana nu kawasa, kasiksa rasa da dumeuheus henteu bisa,
Da bongan diri lamokot ku dosa rosa
14.    
احالتك الأعمال على وجود الفراغ من رعونات النفس
Getol gawe jadi talangke, boa rereged na hate
15.    
ما ارادت همة سالك أن تقف عند ما كشف لها الا ونادته هواتف الحقيقة الذى تطلب أمامك
Niat ngambah moal bisa dicegah, kajaba rasa nu endah sumarambah dina bayah
ولا تبرجت ظواهر المكونات الا ونادتك حقائقها انما نحن فتنة فلا تكفر
Tong wungkul pamake hade, tapi kudu hade hate. Da pakean teh ujian.
16.    
طلبك منه اتهام له
وطلبك له عيبة منك عنه
وطلبك لغيره لقلة حيائك منه
Menta
وطلبك من غيره لوجود بعدك عنه
17.    
لا تستغرب وقوع الأكدار مادام فى هذه الدار
Tong asing kena ku riweuh, salagi kana sifat dunya weruh.
فإنها ما أبرزت الا ما هو مستحق وصفها وواجب نعتها
Ku dunya tembong kadunyaannana, oge piakherateunna.
18.    
ما توقف مطلب أنت طالبه بربك
Pamenta moal suda ijabahna, mun kumandel ka pangerannana.
ما تيسر مطلب أنت طالبه بنفسك
Moal gancang pamenta, mun kumandel ka dirina.
19.    
من علامات النجح فى النهايات الرجوع الى الله تعالى فى البدايات
Ciri salamet ditungtung, ti kiwari gancang balik kanu Agung
20.    
ما استودع فى غيب السرائر ظهر فى شهادة الظواهر
Anu nyumput dina kalbu, tembong ku lengkah jeung prilaku
21.    
الحق ليس بمحجوب وانما المحجوب أنت عن النظر اليه
Pangeran nu Maha Hak teu kahalang, nu kahalang sok tangtu eta mah urang nu teu bisa mandang
22.    
اخرج من اوصاف بشريتك عن كل وصف
Sok kaluar tina sifat kamanusaan anu sakadar
23.    
ما الشأن وجود الطلب انما الشأن أن ترزق حسن الأدب
Naon atuh nu rek dijorag? Mun anjeun geus nyangking akhlak
24.    
ما طلب لك مثل الإضطرار ولا أسرع بالمواهب اليك مثل الذلة والإفتقار
Menta keur butuh kacida, moal leuwih gancang tinimbang keur mangsa dihina bahkan sangsara
25.    
لولا جميل ستره لم يكن عمل اهلا للقبول
Lamun teu alus panutup, maka amal nu ditarima moal cukup
26.    
انت الى حلمه اذا اطعته احوج منك الى حلمه اذا اعصيته
Kawelas mangsa ma’siat leuwih dipikabutuh tinimbang mangsana taat
المجلد الثانى
JILID 2
27.    
ربما اطلعك على غيب ملكوته وحجب عنك الإستشراق على أسرار العباد
Boa ninggalna gaib, jadi matak paninggal kana lelembutan jalma jadi raib.
28.    
من اطلع على اسرار العباد  ولم يتخلق بالرحمة الإلهية كان اطلاعه فتنة عليه وسببا لحر الوبال اليه
Saha nu ninggal lelembutan ciptaan teu dibarengan ku kalembutan nu nyiptakeun, maka paninggal ujian, -nu boa mawa kana kacilakaan-
29.    
حظ النفس فى المعصية ظاهر جلي وحظها فى الطاعات باطن خفي ومداواة ما يخفى صعب علاجه
Bagian nafsu pikeun maksiat katinggal nembrak, bagian nafsu pikeun ta’at nyumput teu nembrak
30.    
استشرافك ان يعلم الخلق بخصوصيتك دليل على عدم صدقك فى عبوديتك
Logayna anjeun sangkan makhluk apal yen saha anjeun, bukti can benerna ibadah anjeun.
31.    
غيب نظر الخلق اليك بنظر الله اليك وغب عن اقبالهم عليك بشهود اقباله عليك
Leungit paninggal makhluk ku ditinggalna ku kholik. Sirna nyanghareupna jalma ku nyaksi nyanghareupna Alloh Nu Kawasa
32.    
من عرف الحق شهده فى كل شيئ
Saha nu ma’rifat ka dzat Alloh nu hak, maka nyakseni dina sagala rupa nyampak
33.    
ومن فنى به غاب عن كل شيئ
Saha nu sarta Nu Maha Hak tilem, maka tina sagala perkara kerem.
34.    
ومن احبه لم يؤثر عليه شيئا
Saha nu mikacinta Alloh, maka sagala perkara moal matak jadi pangaruh
35.    
انما حجب الحق عنك شدة قربه منك
Nu ngahalang urang ti Nu Maha Hak, ku banget deukeut Nu Maha Hak ka urang
36.    
ان قرة العين بالشهود على قدر المعرفة بالمشهود
فالرسول صلوات الله عليه وسلامه ليس معرفة غيره كمعرفته
فليس قرة عين كقرته وانما قلنا ان قرة عينه فى صلاته بشهوده جلال مشهوده
Bingahna paninggal ku apal kana kadar nu ditinggal.
Rosululloh, ma’rifat ka marantenna moal sapertoskeun kanu sanesna
Bingah ninggalna tangtosna, mangsa sholawat kasakseni kaagungannana.
37.    
وقد اوحى الله تعالى الى داوود عليه الصلاة والسلام يا داوود قل للصديقين بى فليفرحوا وبذكرى فليتنعموا
Alloh ngawahyukeun ka Nabi Dawud AS. Wahai Daud, carioskeun ka jalma nu jujur (dina kaimanannana) ku alatan kaula maka bungah aranjeun, jeung ku nutur-nutur kaula, maka ngeungeunahan aranjeun.
38.    
ها انا اتوسل اليك بفقري اليك
Eling-eling…. Abdi tawassul ka Gusti ku fakir na abdi.
39.    
وكيف اتوسل اليك بما هو محال ان يصل اليك
Kumaha abdi tawassul ka Gusti ku perkara nu mustahil nepi ka Gusti
40.    
وخسرت صفقة عبد لم يجعل له من حبك نصيبا
Rugi pisan, aya abdi make bet susurakan, padahal tina mahabbah ka Gusti henteu aya bagian

Tidak ada komentar :

Posting Komentar